Kodam III/Siliwangi
Komando Daerah Militér III/Siliwangi | |
---|---|
Dibentuk | 20 Mei 1946 |
Nagara | Indonésia |
Tipe unit | Komando Daerah Militér |
Bagian tina | TNI Angkatan Darat |
Markas | Bandung, Jawa Barat |
Moto | Esa Hilang Dua Terbilang |
Barét | HÉJO |
Himne | Mars Siliwangi |
Ramatloka | siliwangi.tniad.mil.id |
Tokoh | |
Panglima | Mayor Jenderal TNI Kunto Arief Wibowo |
Kapala Staf | Brigadir Jenderal TNI Widjanarko |
Inspektur | Brigadir Jenderal TNI Dadang Arif Abdurahman |
Kapala Kelompok Staf Ahli | Brigadir Jenderal TNI Kuat Budiman |
Komando Daerah Militér III/Siliwangi (disingkat Kodam III/SLW) (Aksara Sunda Baku: ᮊᮧᮙᮔ᮪ᮓᮧ ᮓᮈᮛᮂ ᮙᮤᮜᮤᮦᮒᮁ ᮳/ᮞᮤᮜᮤᮝᮍᮤ, Komando Daérah Militer III/Siliwangi), nyaéta Komando Pertahanan Daérah anu ngawengku propinsi Banten jeung Jawa Kulon. Markas Komando nyaéta di Jl. Acéh No. 69 Kota Bandung, Jawa Barat.
Dina tanggal 22 Agustus 1945 atawa lima poé sanggeus Proklamasi Kamerdékaan Indonésia, pamaréntah ngadegkeun Badan Kaamanan Rakyat (BKR) sebagai salah sahiji antisipasi ngalawan ancaman nu beuki nambahan. Salajeungna tanggal 5 Oktober 1945, BKR diganti ngaran jadi Tentara Kaamanan Rakyat (TKR).
Jawa Kulon meunang ngabentuk Komandemen-I TKR anu ngawasa 3 divisi. Divisi-I ngawengku Karesidenan Banten jeung Bogor (kantor pusatna di Serang), Divisi-II ngawengku Karesidenan Jakarta jeung Cirebon (kantor pusatna di Linggarjati), sarta Divisi-III ngawengku Karesidenan Priangan (kantor pusatna di Bandung).
Dina tanggal 20 Méi 1946, tilu divisi éta dihijikeun jadi "Divisi Siliwangi" jeung kantor pusatna di Tasikmalaya. Ngaran Siliwangi terus dipertahankeun, sanajan ngaran unitna robah jadi Tentara & Wilayah (T&T) III Siliwangi, 24 Juli 1950. Saterusna dina 24 Oktober 1959 jadi Kodam VI/Siliwangi, tuluy robah deui jadi Kodam III/Siliwangi dina 2 Pébruari 1985.
Keur jaman kolonial Walanda, hiji tempat ieu dingaranan Paleis van den Legercommandant atawa Padumukan Panglima Tentara Walanda, nu lokasina gigireun Departement van Oorlog (ayeuna jadi Gedung Kologdam).[1]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Suryanegara, Ahmad Mansur (2018). Api Sejarah 1, Mahakarya Perjuangan Ulama dan Santri dalam Menegakkan Negara Kesatuan Republik Indonesia, edisi revisi (dalam Indonesian). Bandung: Surya Dinasti. p. 227. ISBN 978-602-71237-1-7.