Lompat ke isi

Aksara Siddham

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Aksara Siddham
Jenis aksara
BasaSanskerta
Periode
Kira-kira ngawitan ti 600 M, nepi ka 1200 M di India, jeung nepi ka kiwari di Jepang
Silsilah
Nurutkeun hipotésis hubungan antara abjad Araméa jeung Brahmi, mangka silsilahna saperti kieu:
Tina aksara Brahmi diturunkeun jadi:
Aksara anu diturunkeun
Aksara Tibet jeung katurunanna
Aksara dulur
Aksara Nagari
Aksara Śāradā

Aksara Siddhaṃ atawa Siddhamātṛkā (tina basa Sangsekerta siddhaṃ hartina "suksés" atawa "sampurna") nyaéta ngaran aksara ti India Kalér anu dipaké pikeun nulis basa Sangsekerta. Aksara ieu diturunkeun tina Aksara Brahmi ngaliwatan Aksara Gupta, anu ogé nurunkeun Aksara Devanagari jeung Aksara Asia anu henteu jiga Aksara Tibét.

Aksara Siddham téh nyaéta salahsahiji abugida anu mangrupa bentuk hibrida antara aksara jeung sistem panulisan dumasar suku kata, sararua jeung Aksara India anu séjénna jeung ogé Aksara di Nusantara jiga Kaganga. Masing-masing Hurup geus ngandung vokal a jeung bisa dirobah ku cara ngantelkeun tanda diakritik (Aksara Sunda rarangkén ). Tuluy unggal aksara bisa dihapus vokalna ku pamaéh (Sanskrit virama)

Kiwari naskah Siddham dipaké ngan ukur di Jepang pikeun nulis mantra jeung niron Sutera . Di Jepang naskah ieu dipikawanoh salaku bonji (梵字), di sakola mikkyo Budha (密 教, Buddhis ésotéris) ti aliran Shingon jeung Tendai Buddhisme sarta sékte sinkrétis Shugendō; di tempat séjén geus euweuh deui anu maké ieu aksara (punah). Kūkai ngawanohkeun naskah Siddham ka Jepang basa manéhna balik ti Cina taun 806, tempat anjeunna dialajar basa Sanskerta jeung biksu ti Nalanda, kaasup saurang lalaki anu ngarana Prajñā. Sutera anu dibawa ka Cina ti India ditulis dina rupa-rupa naskah, jeung naskah Siddham téh mangrupa naskah anu pang pentingna. Basa Kūkai diajar naskah ieu, jalur darat ka India, bagéan tina Jalan Sutra enggeus ditutup ku Kakaisaran Islam Abbasiyah anu geus ngalegaan. Dina panengahan abad ka-9, Cina ngaberesihan internalna tina "agama luar", nu ngakibatkeun pegatna wewengkon Jepang tina sumber téks Siddham. Samentara éta, aksara séjénna saperti Devanagari geus jadi aksara nu loba dipaké di India beulah Kalér, ngagantikeun Siddham nu ngakibatkeun Jepang jadi hiji-hijina tempat naskah ieu disimpen, khususna pikeun nyalin mantra jeung Sutera. Ngan ayeuna aya inovasi pikeun nuliskeun Aksara Bonji dina T-Shirt (Kaos) di Jepang.

Wangun mandiri Romanisasi Salaku diakritik pikeun Wangun mandiri Romanisasi Salaku diakritik pikeun
a ā
i ī
u ū
e ai
o au
aṃ aḥ
Wangun mandiri Romanisasi Salaku diakritik pikeun Wangun mandiri Romanisasi Salaku diakritik pikeun
Wangun alternatip
ā i i ī ī u ū o au aṃ

Konsonan

[édit | édit sumber]
Letup Sengau Hampiran Tiup
Tanpasora Nyora
Tanpaembus Ngembus Tanpaembus Ngembus
Cera h
Langkang k kh g gh
Langit c d j a ñ y ś
Tarbel ṭh ḍh r
Huntu t th d dh n l s
Duabiwir p ph b bh m
Birgi v
Konjungsi dalam aksara
kṣ llaṃ
Wangun alternatip
ch j ñ ṭh ḍh ḍh th th dh n m ś ś v

Référénsi

[édit | édit sumber]
  • John Stevens. Kaligrafi Suci Wétan . (Boston: Shambala, 1995)
  • Taikō Yamasaki. Shingon: Budha Esoterik Jepang . (Fresno: Shingon Buddhist International Institute, 1988)

Tumbu luar

[édit | édit sumber]